Jumat, 21 Desember 2012

Mupus Harepan

Cipt : Zonang, MDA, dan Arif Rahman Hakim

Mun datang wancina peuting
Geus ngabaku hate bimbang
Emut kasalira
Najan anjeun kungsi
Nyieun rajeut hate nu gudawang

Sakapeung rajeun ngalangkang
Waktu urang bareng leumpang
Patuyun sisi wahangan
Silih simbeuh deudeuh
Silih pikanyaan bati asih

Anjeun mupus harepan duaan
Gancang palid hanteu teguh tigin janji
Cinta nuilang ayeuna
Cinta nuilang ayeuna
Asih nuleungit ayeuna
Hamo bisa kaganti
Sesah ngubaran raheut hate

Linglung

Cipt : Arif Rahman H.

Linglung na emutan
Teu sabar ngantosan
Hoyong enggal
Enggal tepang

Nu kaimpi-impi
Siang sareng weungi
Ukur anjeun
Jimat kameumeut kacinta

Aya rasa ringrang
Ngancik dina ati
Ngalangkang di lalamunan

Rempan ku kamelang
Sieun anjeun
Ngedal janji nu sulaya

Mekar harepan
Nyanding kana diri
Nyatakeun impian
Simakeun kamelang sareng
Kameumeut kacinta

Linglung emutan
Teu sabar ngantosan
Nyungkelit na ati
Ratugna jajantung
Nyeuneu rasana kadeudeuh

Baseuh meureuhan rasa
Ngantos dongkap tali ati kakasih

Tunggarana Citarum

Cipt : Arif Rahman Hakim

Masih kabayangkeun
Citarum mangsa katukang
Walungan sajarah
Nu meulah kota Karawang

Jugjugan nu matuh
Jadi tatalang kabutuh
Mangpaat Citarum
Karasa ku balarea

Duh Citarum kiwari ilang asrina
Jadi wadah sagala kamelang kahariwang

Kedah dikumaha
Tos jadi takdir ti Gusti
Walungan Citarum ayeuna nyandang tunggara

Ngaplak pasawahan dalama satungtung tinggal
Ngajadikeun ciri nya Karawang kota pare
Seungit ngadalingding mun keur nyanding dewi Pohaci
Dina waktu panen galumbira suka bungah

Walungan Citarum neuteup deudeuh pasawahan
Walungan Citarum melang nyaah ka Karawang
Mangsa lawasna Karawang
Kagagas tur matak waas

Kabungbulengan

Cipt : Arif Rahman Hakim

Ngan keur anjeun ieu tembang ngan keur anjen
Khusus pisan ngahaja ukur anjeun
Tembang kasono kadeudeuh kacinta
Kamelang katineung nu karasa nu ngahimeungkeun pikir

Tujuh lapis langit tujuh lapis bumi
Bulan bentang baranang jadi saksina
Dina lamunan harepan
Sing bukti ngajadi nya anjeun aya sagigireun kuring

Duh kabungbulengan aduh kaedanan
Karasa seukeutna jamparing asmara
Jamparingna cinta
Moal kagambarkeun ku endahna basa
Sanajan direka ku ahlina sastra
Ku para pujangga
Nu nyaram kana hate karingkus kabanda cinta

Gerbang Karaharjaan

Cipt : Arif Rahman Hakim

Yu batur hayu urang mumule
Budaya seni di tatar sunda
Alam Karawang geus mangsana medal
Cunduk waktu geus niti wancina
Puseur dayeuh nukiwari bakal ngajadi

Mojang lenjang nya mojang Karawang
Gagah tandang jajaka Karawang
Someah mikanyaah sifatna
Estu matak reueus nu uninga
Puseur dayeuh kuta jembar karaharjaan

Sasakalana kuta-kuta
Jadi sajarah nusantara
Siliwangi kokoh ngariksa panceg tur ajeg
Teu gimir teu miris nyanghareup
Satuhu tekad satujuan
Keur ngangkat darajatna bangsa
Bangsa.... Indonesia